dongeng sunda
1.kuda anu ngedul
Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota.
Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana.
Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan.
Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.
Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak kabawa palid.
Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana.
Isukna, Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari. Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda.
Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh.
Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota mamawa kapas anu sakitu beuratna.
2.wawalesna ka nu telenges
Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban.
Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya. Nu aya teh ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka beurit, sabab cenah geus lila manehna tunghal-tenghol kawas nu keur ngintip.
Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit ka luar tina sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si beurit kaburu kabur.
Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena.
Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si beurit rek dijejewet. Ti harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si monyong.
Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-alap tehteu ka luar deui.
Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manehna teu biasaeun meuntas.
Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok tehbangkong hejo ka hareupeun nana. Puguh we beurit teh kacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah sampean mah ngareureuwas!” .
“Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu teh wayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui.
Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran. Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh.
Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh beurit kagugusur.
Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.
Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong teh hayang ngaheureuyan beurit. Ti dinya bangkong teh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ka bawa. Beurit gogorowokan embung di bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didenge, lep teuleun deui.
Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna, paeh. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.
Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari, seot nyamber beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang.
Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureun, da tara biasa ngapung. Mokaha we poe harita alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku bangkong hejo.
3.entog emas
Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah teu boga dulur-baraya, malih garwa mah.
Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan.
Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ . Mang Julin teh dahar ngan jeung uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah.
Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen cahya nu kacida serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog emas.
Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna.
Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang entog teh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin.
Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun mawa endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog.
Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak dipake kabutuhan sapopoena.