Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di tegalan. Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta, keur digawe nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir leutik patingarenclo. Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang. Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zebra oge teu mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah. Ari minangka alat komunikasina antar sireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk. Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter. Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji...
Aya gagak maling déngdéng ti pamoéan. Geleber hiber bari ngaheumheum déngdéng téa kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu di rérét-rérét acan. Anjing mikir piakaleun supaya déndéng téa kapimilik ku manéhna. Sanggeus manggih anjing ngomong, "Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih gé moal éléh." Mimitina mah omongan anjing téh teu didéngé. Tapi sanggeus aya omongan "moal éléh ku cendrawasih," gagak atoheun pisan. Manéhna kungsi beja yén cendrawasih téh manuk pang hadéna. Tapi ceuk anjing "manéhna moal éléh". Kitu nu matak manéhna ngarasa ngeunah ku pamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa hayang ngabagi déngdéng jeung anjing. Ngan kusabab hésé meulahna k...