Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah teu boga dulur-baraya, malih garwa mah. Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan. Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ . Mang Julin teh dahar ngan jeung uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah. Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, maneh...